Rabu, 05 Desember 2012

GuRaT HaTe...+_+

Naon atuh nu kudu di pika melang?
Galah anjeun sorangan, galah kuring sorangan geus pada2 surti
Urang sarua tuna, ukur boga tutuna rasa nu manteng dina angan2

Najan aya GuRaT HaTe anu kungsi dikaitkeun harita
Tp naon bedana jeung angin lebak putuh camara
Lebak buuk jeung rambut anjeun
Nu lawas di tali kumbang baluh rasa
Sing horeng urang teh pada embung
Kembang teh taya hareupan sirungan
Sabalikna malah anteng maliguran

Tah didieu jungjunan...
Dina titimangsa nu ieu apan urang kungsi pedal saniatan
Rek nepungkeun walungan cinta
Caina ngagenclang ngamuara dina relung Qalbu
Dina tampian nu itu anjeun ngumbahan codeka
Dina leuwi nu ieu urang neleman nalangsa
Hariring teh geuning malah beuki ngagering
Beuki kinjin beuki manjangkeun kalangkang simpe

Meureun melak teh ukur lamuna hungkul
Urang sarua ikidna kana panineungan
Boa anjeun boa pisan kana lalakon lawan
Jeung naon deui anu bisa dilawungkeun?
Tangehna bumi jeung langit semu bisa ditepungkeun
Anjeun anteng timpurungna dunya
Kuring poekeun neangan titimangsa nu teu kungsi leungit
Naon deui atuh iwal ti meugatkeun juringkang tineung
Taya salahna upama urang mapay jalan sewang sewang...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar